Carita Pantun Ngahiangna
Pajajaran
Pun,
sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Saur Prabu Siliwangi ka
balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan
nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu
meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar.
Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang
sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi
Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal
ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah
sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”
Daréngékeun! Nu dék tetep
ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka
dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu
keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah
ka beulah kulon!
Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia!
Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing
nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura
narindak!
Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan
dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur
anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah
peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan
dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga
bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka
sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun
aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka
seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing
waspada!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu.
Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan
nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal
kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu
weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti
lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu
nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti
alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun
tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu
malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit
kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna
loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu
disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka
panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon;
imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum,
karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain
banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu
kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun
geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta
dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman
datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna
nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa:
tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya,
sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma
jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé
nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab
murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi
lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu
manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang
loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara.
Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju
sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu
anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak
ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku
monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru
monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku
turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang
ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu
arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra
megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring.
Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk
turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh
musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat
nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi
bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak,
nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu
beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi,
kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.
Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan
raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja
anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti
lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan
ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan.
Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang
dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah
jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi
buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan
somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona,
tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta,
naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit
dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé
sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana
aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan
wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron
butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu
diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu
areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro
dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka
pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh;
padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab
sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi
dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan
kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka
somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi
wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak
angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara!
Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung!
Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta
bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang
bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta
laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna
nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu
satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana
budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus
narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan,
parindah ka Lebak Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman
bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh
gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda
ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui;
sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah,
siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!